Pepeling para sepuh sunda

Pepeling Para Sepuh Sunda

Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri maneh teh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.

Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun.

Pitutur para guru, papatah para ulama, pangeling para kiyai rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan,jeng kamalinaan

Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh sakumna elmu, geura eling kana purwadaksi emut kana tuturus laku,

urang teh asal timana?

Balik bakal kamana,….…?

Ayeuna cicing dimana…?

Lenyepan sing taliti.Larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna.Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, tilik deui eta diri ,Dimana ayeuna ngancik?

Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna, napsu nu matak kaduhung, awak nukatempuhan, tina atikan atanapi tina didikan nu munggaran, kasasar nya lampah, pajauh nya laku, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan, tanjeurkeun beubeuneran sangkan meunang kabagjaan., dunia rawuh akherat.

(Jangan menuduh kepada yang jauh,jangan hanya membayangkan apa yang tak terbilang. Yang dekat segera didekatkan, yang dekat segera ditemui. Tidak akan jauh dari apa yang terwujud, tidak akan jauh dari diri sendiri. Ada apa dan siapa yang ada didalam diri? Cirinya adalah semua yang ada di dalam diri sendiri. Silahkan segera ditemui oleh sendiri. Jangan dulu menyaksikan orang lain, saksikan dulu diri sendiri. Karena ilmu adalah pengetahuan.)

H2
H3
H4
3 columns
2 columns
1 column
Join the conversation now
Logo
Center