This content was deleted by the author. You can see it from Blockchain History logs.

Dongeng Kang Ibing #3



Source Pic Alm Kang Ibing
Dongeng lalampahan Si kabayan teh sok inget mun nu ngadongengna Alm Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata nu katelahna Alm Kang Ibing, sok seuri ngabarakatak nepi kacirambay, teu weuleh eta keur jaman kaset di puter tuluy mangrebu-rebu kali nepi ka kusut na ge asa teu bosen-bosen. Didieu simkuring rek ngingetkeun deui ku dongeng-dongenna alm kang ibing nu baheula-baheula.
Si Kabayan Papangih Jeung Raja Salman

Dina hiji poe si kabayan arek ulin Ka Jakarta jeung keluarga na nyaeta : si kabayan, si abah, nyi iteung,jeung ambu. Si kabayan atoh maneh na arek ulin ka Jakarta da si kabayan meunang arisan. Subuh-subuh nyi iteung ngahudangkeun si kabayan.

‘’kang kang kabayan enggal geura hudang ieu teh ges subuh pan urang teh ayeuna arek ulin ka Jakarta? ’’ nanya nyi iteung ka si kabayan .

‘’eh muhun nya nyi ayeuna teh arek ulin ka Jakarta‘’ si kabayan bari ngorejat keur sare.

Teras si kabayan langsung mandi, da ari nyi iteung mah jeung kabehna geus mandi tinggal we si kabayan nu can mandi mah.

Ges nepi di jakarta si kabayan rada ngahuleng da kota Jakarta mah gedung na taringgi.si kabayan nanya ka si abah.

‘’ bah ari urang teh arek ulin kamana ari di Jakarta teh ’’ nanya si kabayan aka si abah.

‘’duh abah ge teu apal da kota jakarta teh lega, kan suganteh maneh apal Jakarta teh kan maneh nu ngajakan ulin ka Jakarta teh kabayan borokokok ‘’ jawab si abah

‘’ hayu atuh urang lempang we ayeuna mah, kan urang mah arek ulin jadi ulah kawatir ‘’ si kabayan ngajak ka keluarga na.

‘’ hayu atuh ‘’ jawab keluarga na

Teu lila keluarggana nepi di bandara soekarno hatta,da sabab tungkul wae pedah cuacana panas pisan jadi reuwaseun si kabayan jug-jug aya di bandara soekarno hatta.

Di bandara loba jelema si kabayan aneh heun aya naon itu ngarumpul. si abah we nanya ka hiji jelema. da lamun ku si kabayan ditanyana teu lancar bahasa ndonesia na jdi di tanya na ku si abah nu lancar bahasa indonesia nya. Teras we si abah nanya ka hiji jelema.

‘’ permisi ini teh ada apa ya? ‘’ nanya si abah ka hiji jelema lalaki.

‘’ ini ada kedatangan raja salman pak‘’ jawab jelema nu di tanya ku si abah.

‘’ raja salman itu siapa? ‘’ nanya si abah

‘’aduh bapa itu dari kampung yah, raja salman itu raja dari arab ‘’jawab jelema nu tadi.

Si abah menta tanda tangan na make bahasa isarat da si abah teu bisa bahasa arab si abah jeng keluarggan na di na baju na di bere tanda tanda tangan raja salman. Si kabayan ges tidinya langsung we balik ka imah na.


Source Story Si Kabayan Papangih Jeung Raja Salman


Hatur Nuhun
Ngalalana mangrebu-rebu mil teh kudu dimimitian ku ngalengkah, ulah kedul!


@olgiz247 © 2018


Logo
Center