This content was deleted by the author. You can see it from Blockchain History logs.

Dongeng Kang Ibing #2



Source Pic Alm Kang Ibing
Dongeng lalampahan Si kabayan teh sok inget mun nu ngadongengna Alm Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata nu katelahna Alm Kang Ibing, sok seuri ngabarakatak nepi kacirambay, teu weuleh eta keur jaman kaset di puter tuluy mangrebu-rebu kali nepi ka kusut na ge asa teu bosen-bosen. Didieu simkuring rek ngingetkeun deui ku dongeng-dongenna alm kang ibing nu baheula-baheula.
Si Kabayan Pernah kuliah
Dina hiji poe, wanci pasosore balik ti karebon, Si Kabayan jeung Si Iteung aruplek ngawangkong (ngobrol) paduduaan dijero dapur bari nungguan asak sangu. Bari ngobrol, Si Iteung ngasur-ngasur suluh kana jero hawu. Ari Si Kabayan nyarande kana bilik dapur. Leungeuna nyekelan cangkir seng dieusi cai kopi. Dina biwirna napel udud daun kawung. Siga anu keur ngararasakeun kacape.
Keur aruplek ngawangkong ngaler-ngidul, Si Iteung nanya ka Si Kabayan.

"Kang Kabayan, cenah bejana baheula akang kungsi kuliah ? naha enya eta teh ?"
"Is, nya puguh we atuh Iteung. Kieu-kieu oge pendidikan mah ku kami dinomer hijikeun." Ceuk Si Kabayan.
"Kuliah dimana kang, kami mah asa cangcaya akang baheula kungsi kuliah ?" ceuk Si Iteung bari ngerungkeun tarangna bangun anu teu percaya kana omongan salakina.
"Ari maneh Iteung, maenya kami ngawadul." Tembal Si Kabayan deui.
"Kuliah dimana kang ? Naha di Unpad, naha di ITB, di Unikom, naha dimana ?" ceuk Si Iteung keukeuh teu percaya.
"Ah, lain di ITB, lain di Unpad, lain di Unikom. Tapi kami mah baheula kungsi kuliah teh di IDM." Ceuk Si Kabayan.
"IDM ? asa karek ngadenge ? Singkatan tina naon ari IDM teh kang ?" Ceuk si Iteung bari ngerungkeun deui tarangna. Bener teu, bener teu, omongan Si Kabayan teh. Kitu nu aya dina jero hate Si Iteung.
"Dasar belegug maneh mah Iteung. Euweuh kanyaho pisan jadi awewe teh. Maenya meni teu nyaho IDM-IDM acan. Yeuh Iteung ku kami dibejaan. Dengekeun ku maneh, ari IDM teh singkatan tina : Institute Download Manager." Ceuk Si Kabayan.
"Anu belegug mah maneh Kabayan, lain Kami. Yeuh ku kami di bejaan. Dengekeun ku ceuli maneh. Ari IDM teh singkatan tina : Internet Download Maneger, lain Institute Download Manager." Ceuk si Iteung kukulutus bari nyingsat -nyingsatkeun biwirna.
"Dasar si gede Wadul euweuh kanyaho ... !!! ceuk Si Iteung deui.
"Lain internet Iteung, tapi internit." Tembal Si Kabayan embung eleh.
"Euwueh gawe, keur nanahaon nga-download internit" Ceuk Si Iteung.

Geus weh kitu dongengna, urang lanjut deui isuk ku dongeng Si kabayan nu sejen.. mamang rek gadag heula, marangga.


Hatur Nuhun
Ngalalana mangrebu-rebu mil teh kudu dimimitian ku ngalengkah, ulah kedul!


@olgiz247 © 2018


Logo
Center